aypublisher, Si Gélédég: Kumpulan Fiksi Mini Basa Sunda

Si Gélédég: Kumpulan Fiksi Mini Basa Sunda

Penulis : Wawan Kardiaman
ISBN : 9786236393772
Tebal : 486 halaman
Bobot : 500 g
Tahun : 2023

Rp. 175,000



Tutup tahun datang tahun. Bus ka Janwari, gelebug angin barat, ramé kokolécéran, biasana. Ngan taun kamari geus siap-siap téh anginna teu datang. Ari kituna mah alamna geus loba nu robah. Contona waé, biasana mun bus ka bulan Janwari, breng kukupu konéng ngaleut cepet ngulon terus-terusan, geus teu make ayeuna mah.

“Si Gélédég beuli wé ku Akang, Akang wani dua juta setengah?!”

Deuh lebar mun kudu dijual, kolécér geus sohor, nu matak dingaran sagala, Si Gélédég. Geus sababaraha urang nu ngirihit haying meuli, teu dijual. Tapi dina waktu ieu mah kacida pisan butuhna ku duit.

“Tong lila teuing mikir, tah tilu juta!” Bari nunda duit na méja.

Duit dicokot, dipésankan. Néang kolécér di dapur, dipajangkeun sapanjang dapur, hampir lima meter. Naha euweuh?

“Mah, kolécér kamana?”

“Ku déwék disiksik dipaké nambahan sarigsig kandang hayam, horéam ngala awi. Angin baratna ge geus teu puguh Jang!” Mitoha lalaki nu nembalan téh.

“Haddduh!” Nepak tarang.

 

Kumpulan Fiksi Mini Basa Sunda | 17,6 x 25 | 486 halaman | Softcover | Hitam putih

Halo kak... bisa kami bantu?